Lompat ke isi

Gudang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Gudang nyaeta hiji wangunan anu dipaké pikeun nyimpen barang-barang atawa bahan-bahan. Biasana gudang dipaké ku pausahaan, pabrik, atawa pedagang pikeun nyimpen barang sateuacan dijual atawa diangkut ka tempat séjén.

Saurang jelema ekeur di gudang barang

Fungsi Gudang

[édit | édit sumber]

Nyimpen Barang: Fungsi utama gudang nyaéta pikeun nyimpen barang supaya henteu rusak, kadaharan henteu busuk, atawa bahan-bahan produksi tetep aya dina kaayaan anu sae. Distribusi: Gudang sering dijadikeun tempat antara samemeh barang-barang didistribusikeun ka tujuan akhirna. Pengelolaan Stok: Gudang ogé dipaké pikeun ngatur stok barang supaya gampang dina ngontrol jumlah barang anu aya jeung anu kaluar.

Jenis-jenis Gudang

[édit | édit sumber]

Gudang Umum: Ieu gudang anu dipaké ku sababaraha pausahaan pikeun nyimpen barangna. Biasana aya jasa tambahan saperti packing, labeling, jeung distribusi. Gudang Swasta: Gudang ieu dipaké ku hiji pausahaan pikeun nyimpen barangna sorangan. Biasana dipaké ku pausahaan ageung anu boga produksi jeung distribusi sorangan. Gudang Otomatis: Ieu gudang ngagunakeun téhnologi otomatis pikeun ngatur barang, saperti robot jeung sistem komputer. Biasana dipaké ku pausahaan anu boga volume barang anu gede.

Fasilitas di Gudang

[édit | édit sumber]

Rak Penyimpanan: Di gudang biasana aya rak-rak pikeun nyimpen barang supaya gampang diatur jeung dicari. Forklift: Alat ieu dipaké pikeun ngangkut barang-barang anu beurat di jerona gudang. Sistem Keamanan: Pikeun ngajaga barang-barang anu disimpen, gudang biasana dilengkepan ku sistem keamanan saperti CCTV jeung alarm. Pentingna Gudang boga peran anu penting dina ranté suplai hiji pausahaan. Kalawan ayana gudang, pausahaan bisa mastikeun yén barang-barangna tiasa disimpen kalayan aman sarta siap pikeun didistribusikeun iraha waé diperlukeun.

leuwih lanjutna

[édit | édit sumber]